Monday 14 July 2014

WISATA KEBON KINA BUKIT TUNGGUL




SAKILAS SOBAT  BEUSI, TAH ETA PHOTONA NU DILUHUR :
( soal wisata kebon kina ke dibahas di handap..!!! )
Motor Butut Sobat Satia, Moal Tega Ngajualna , Batur Ocon Geusan Nganteur Kahayang Kamana Bae Kuring Hayang Inditna Sok Dapon Tara Nolak  Mun Di Ajak ..soksanajan Bari Jeung Rempo, Tapi Tara Mopo..Pantang Menyerah , Tara Adigung Uyah Kidul Sok Sanajan Awakna Beusi Tetep Tunduk Patuh kana hukumna Alloh Ta'ala sangkan satia satuhu Geusan Maturan Hirup Huripna Kuring Nusakieu Bageurna. Duh..motor Hampura Kuring Bisi Kuring Kurang Welas Asihna,Bisi Telat Ngolianna..bejaan batur...eh..kuring maksad teh... Kuring Hamo Pasti Bela Nyinghareupan sobat  nu kawas Anjeun, nu Sakitu Satiana Jeung belana. Sabab Antara Anjeun Jeung Kuring Geus Nyimpen Rasa , Rasa Silih Asah Silih Asuh Geusan Ngahontalkeun Cita2.  Cita2 naon?...cita2 ngaladog, cul dod-dog tinggal ngigel.   Sobat beusi..Prak jalan..kebat lumpat , teteg pancek kanu tujuan, tigin yakin kanu diri , yakin bakal tepi ka WISATA KEBON KINA...!!!   SOK SANAJAN INDIT KOSONG BEUTEUNG  kentel peujit  Teu bari baranghakan dijalan da bulan Puasa, Teu deuih mekel duit sapeser goeng oge , Sumpah, suer..bensin ge paspasan , Tapi nu penting niat seja neang kaEnjoyan nu dipirido, dipirido kusaha? dipirido ku pun bojo. Alhamdulillah nepi euy.......enjoooooooooooooooy maaaaaaaan..!!! engke syawal urang kadinya deui no.......!!!!

SAKILAS SOBAT  PAPADA KULA:
Tah Pami Ieu Sobat Keneh..asli Turunan Jawa Tapi Teu Bisaeun Bahasa Jawa Nanging Sok Sanaos Kitu Teu Aya Beda Bageurna Lamun Dibandingkeun Jeung  Sobat Beusi Motor Nu Abdi, Meureun Sarua Pamikirana Pada2 Boga Rasa, Meureun Lamun Tarsono Mah Boga Rasa Kamanusaan Tapi Ari Motor Mah..nya Ngarana Ge Motor Meureun Boga Rasa Prikamotoran,  Nu Mibanda Rasa Kanyaah Kujalan Ngakod Nganteur Kamana Wae Kuring Hayangna. Ari Tarsono Mah Bageurna Teh Rajeun sok tulung tinulungan jeung babaturan  tara seu'eur saur bahe carek estu resep silih salametkeun jeung  babaturan,  silih asah silih asuh jeung tara gaduh musuh,  Tah nu kieu nu pantes disebat keun, sapinter-pinterna jalami nyaeta jalmi nu silih salametkeun jeung papada baturna di dunia rawuh akherat. Sabalikna, mangka cilaka jalma2 nu teu khusyu/balangah dina sholatna, nyaeta jalma2 nu resep silih cilakakeun, boh ku omongan atawana ku perbuatan. Hatur Nuhun No..kana Sagala Kasaeana..mugi Sagala Kasaeana Sing Di Bales Ku Alloh Ta'ala. Amin. jembar pangestu ka rerencangan nu balageur mugi sing dilapangkeun pintu rizkina, sehat sareng panjang yuswana.amin deui 3x

TAH AYEUNA GEUS NEPI DI BUKIT TUNGGUL URANG CARITAKEUN..!!! URANG NGADONGENG..!!!
Kebon Wisata Bukit Tunggul Ngembangkeun Salah sahiji Obyek Agrowisata Terpadu Dikawasan 
Bandung Kaler, Alternatif Sasaruana Jeung Wisata Alam Kalayan Ngandung Unsur Pendidikan
Pikeun Masyarakat  Kalayan Saluyu jeung Topik Wisata Pendidikan Di Bandung Khususna, Jawa Barat
Umumna. Rupa2 Kagiatan Samisal Olah Raga, Petualangan Atawana Tantangan, Jeung Obyek Wisata Pendidikan Bisa Kapanggih Dilokasi Wisata Kebon Kina Bukit Tunggul.
Obyek Wisata Kalawan Pasilitas Nu Disadiakeun Cukup Kumplit Jeung Nyaman Keur Dinikmati
Atawana Dirarasakeun, Diantarana : Wisata Kebon Kina Geus Nawarkeun Salahsahiji Nu Anyar
Kalawan Beda Jeung Lokasi Wisata Nu Lianna, Kalawan Nanjeurkeun Tema Wisata Pendidikan 
Kalawan Kondisi Geografis Alam Nu Loba Pisan Bukit Atawana Lamping Tangtuna Mibanda Panenjoan
Alam Atawana Panorama Anu Kacida Endahna Pikeun Disawang Ku Mata Lahir Atawana Mata Batin
( Alam Pikiran).
Alam Pagunungan Kalayan Kaluhuran Antara 1200-1500 Dpl, Mibanda Udara Nu Seger Bawana Alam.
Kebon Bukit Tunggul Soranganna Oge Nu Lokasina Dikurilingan Ku 4 Gunung Disakabeh Juru Mata
 Angin Nyaeta: G. Bukit Tunggul, G. Manglayang, G. Palasari Jeung G. Pangparang.

Wisata Kebon Kina Bukit Tunggul Ayana Dikalereun Kota Bandung Nukacida Tirisna jiga di kutub utara, ngan teu aya weh ari urang eskimo mah. Mun Seug Aranjeun
Aya Niat Rek Ngajugjug Ka Ieu Tempat Aya Dua Jalur Nu Bisa Ditempuh. Jalur Kahiji Bisa Ngaliwatan Lembang
Terus Ka Arah Maribaya , Cibodas Terus Lempeng/lurus Ngaliwatan Jalan Nanjak Ngajugjug Pakebonan Kina
Bukit Tunggul.
Jalur Kadua, Bisa Ngaliwatan Ujung Berung Ti Arah Terminal Cicaheum Bisa Ngaliwatan Pertigaan Masjid 
Agung Ujung Berung Ka Arah Kenca Naek Terus Kaluhur. Tapi Sok Sanajan Kitu Keur Jalur Ujung Berung 
 Sim Kuring Teu Nganjurkeun Ari Margi Tanjakana Rada Palaur Sok Komo Mun Make Mobil Sigana Mah
 Bakal Karagok Pisan, tong boroning mobil dalah cakcak ge tiasa tisoledat .Kecuali Make Motor Moal Aya Masalah.atawana jalan kaki, kade ulah jalan tangan alias jalan make tangan. mun kersa sakantenan jalan kepala, maksadna naek motor baru jujuralitan..keun ieuh da nganggo helm.hehehe. 

CURUG BATU SANGKUR
SITU SANGKURIANG
PANUTUP :
Hatur punten bilih aya kakirangan dinu cara Midangkeunna, bilih kasebat kasebit nami nuju alit, kasebat asma nuju dewasa. kasebrot bujur nuju cingogo Kade bilih kahitutan, mugi jembar panghampurana ari margi simkuring mah jalmi biasa, sanes penulis sanes wartawan pirakadar nulis ngan saukur ngocoblak saparan-paran tamba sare pasosore daripada kasurupan mening weh tulas-tulis sugan weh aya manfaatna keur aranjeun atawana anak incu kaula jaga. mung sakitu dongeng comel ti kaula,  comel ge comel hade mugi dipirido ku Alloh ta'ala., niat ngabeberkeun endahna tanah sunda. bilih seu'eur catur tanpa bukur, bilih loba carita tanpa makna.bilih kasibat janten jurig. cag dicekapkeun heula dugi kadieu.

Teundeun Di Handeuleum Sieum, Tunda Di Hanjuang Siang, Paragi Neundeun Sampeur Deui Dina Waktos 
Sareng Kasempetan Nu Sanes. Hatur Nuhun.PERMIOOOOOOOOOOOOOOOOS.

Dipidangkeun sareng dikarang sakucumplang sakacampleng ku : Kelly Sukmara

No comments: